Pidato Sunda - Gadag World and News

Hot

Post Top Ad

Rabu, 09 Maret 2011

Pidato Sunda

Assal amu’ alaikum wr. wb.
Ibu Elis anu ku sim kuring dipihormat. Rerencangan sadaya nu dipikaasih.
Sateuacanna sumangga urang nyanggakeun puji sinareng sukur ka Gusti Nu Maha Agung, anu parantos maparin kaséhatan sareng kakiatan ka urang sadaya. Alhamdulillah, ku jalaran ni’mat ti manten-Na pisan, dina ieu saat urang tiasa patepung lawung paamprok jonghok di ieu tempat.
Solawat sinareng salam, urang sanggakeun ka Jungjunan urang sadaya, nabi ahir jaman, Nabi Muhammad SAW, ka kulawargina para sohabat na kalih ka jalmi-jalmi soléh sapandeurieunana.Hadirin nu dimulyakeun ku Allah,
Di Jaman kiwari, kamajuan teknologi teh karasa pisan pangaruh na kana kahirupan urang sadaya. Di jaman ayeuna mah nanaon teh beuki gampang, beuki tereh jeung beuki rupa-rupa, kulantaran kitu urang teh kedah tiasa nuturkeun parobahan jaman jeung teknologi ku kawijaksaan, sabab dina kamajuan eta pasti bae aya pangaruh awon kanggo urang sadayana.
Dina ieu saat sim kuring bade ngapayunkeun hiji tema, nyaeta ngeunaan Pangaruh tayangan TV sareng Internet kanggo urang sadaya, khusus na kanggo pelajar sapertos sim kuring sareng rerencangan.
Internet sareng TV teh mangrupakeun salah sahiji conto dina kamajuan teknologi jaman ayeuna, Internet sareng TV teh seueur manfaat jeung seueur oge matak ngarugikeun ka urang upami urang teu wijaksana.
Pertami-tami sim kuring bade ngabahas Pangaruh Internet ka Siswa sepertos sim kuring.
Saha nu teu terang internet?, sakitu seueur na warnet-warnet di kota dugi ka kampung sareng nu nganggo na teh ti murang kalih dugi ka nu tos ageung nu beuki seur dina 3 tahun terahir di Indonesia. Internet teh nyaeta singkatan tina Interconnection Network, internet mangrupakeun hiji teknologi jaringan anu tiasa ngahubungkeun komputer hiji sareng komputer nu sanes na nu aya di dunya. Dugika urang tiasa silih komunikasi atawa silih ngabagi data. Kukitu na informasi di internet teh sakitu seueur na, aya nu sae aya oge nu awon kanggo urang.
Internet teh tiasa mangaruhan atawa berpengaruh sae mun anu ngangge na terang aturan sareng cara ngangge na, dina kalangan siswa internet masih keneh sabatas milarian informasi, ngerjakeun tugas, maen game, sareng kanggo berkomunikasi. Internet pangaruhna masih sae mun diangge milarian informasi sareng data kanggo tugas, ngan sabab internet mah informasi na seueur teu kacida, sering disalah gunakeun ku para siswa kanggo ninggal atawa milarian informasi anu teu salayakna ditinggal atawa terang, sapertos :

Lebih lengkap silakan download disini

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Post Top Ad